Mung salira nu kawasa
Naklukkeun manah ku katresna
Asalna teuas alahbatan baja
Lir kapas kaibunan ayeuna jadina
Salira anu munggaran
Nyimpen kadeudeuh dina rasa
Salira anu ngawalan
Ngajarkeun arti tina cinta
Unggal waktos unggal dinten
Nu diantos mung wartos ti salira
Nu diimpen mung diri salira
Duriat teu manggih eureun
Salira nu ku kuring dipikaasih
Salira nu ku kuring dipikaheman
Salira nu ku kuring dipikanyaah
Salira nu endah nu munggaran



No comments:
Post a Comment